Paribasa Sunda
Rabu, 10 November 2010
Sisindiran Sunda
Kuring mah alim ka Bandung,sieun ka Sumedang hilir,Kuring mah alim dicandung,sieun ditinggalkeun kilir.Kuring mah alim ka Bandung,hayang ka Soreang bae,Kuring mah alim dicandung,hayang ku sorangan bae.Baju hideung kancing tangan,dikaput ku merang awi,Nu hideung matak teu nangan,sing emut ka diri abdi.Baju tablo dibulao,kembangna katuncar mawur,Ari bogoh ti bareto,terang-terang geus ka batur.Batur mah dibaju hideung,kuring mah kabaya bae,Batur mah dipikatineung,kuring mah sangsara bae.Kasur jangkung bantal panjang,nya bogo di ka caikeun,Anu jangkung kuring melang,nya bogoh urang jadikeun.Daun nona daun saga,katuruban ku jarami,Teu ayeuna sugan jaga,kasorang ku diri kami.Kukulu di buah manggu,pisitan buah ramanten,kuru lain ku teu nyatu,Mikiran nu hideung santen.Suwangkung ulah dihumbut,pikeun tihang papajangan,Nu jangkung ulah sok imut,bisi kuring kaedanan.Cukangkang diguling munding,kincir ngait kana wijen,Duh akang kumaha kuring,pikir ngait ka nu sejen.Puyuh ngungkung dina kurung,titiran dina irateun,Isuk nguyung sore nguyung,mikiran piduriateun.Badoang manuk badoang,hiberna kana wahangan,Dagoan kuring dagoan,sapanjang aya halangan.Lamun hayam dina korang,meureun hese usik malik,Lamun heg henteu kasorang,meureun paeh ge buncelik.Bangbara dina bangbarung,kulit munding kahujanan,Sangsara kuring dicandung,gulang-guling ngan sorangan.Haruman gunung haruman,boboko di ka parakeun,Kaluman kuring kaluman,kabogoh geus nyapirakeun.Kaduhung kuring ka Lembang,ka lembang ka Cibiana,Kaduhung kuring kagembang,kagembang kieu rasana.Ban karet geuning ban karet,ditumpakan nyonya cina,Kapelet kuring kapelet,kapelet kieu rasana.Majar maneh rek ka huma,ka cai ngajingjing kendi,Majar maneh rek karunya,kari-kari nganyenyeri.Bongan bangkong bongan bangkong,ka cai teu dimandikeun,Bongan bohong bongan bohong,pasini teu dijadikeun.Ngala suluh ka Cililin,acan kakejo parena,Ulah rusuh ngajak kawin,acan katenjo hadena.Ngala pangpung meunang ruyung,ngala regang kai laban,Gering nangtung ngalanglayung,lantaran ti kaleleban.Ngala suluh ka Cicurug,ngala regang ka Ci heulang,Najan jauh kuring jugjug,najan anggang kuring teang.Cai mulang cai malik,cai ngocor ka astana,Bingung mulang bingung balik,kabongroy kieu rasana.Ngocok bogo ka sagara,ngala penyu ka basisir,Nya bogoh ulah katara,neundeun semu dina pikir.Beunteur beureum bodas beuteung,paray naek ka tampian,Anu heubeul geura piceun,kuring daek ngagantian.Sok hayang nyaba ka Bandung,ka Soreang Majalaya,Sok hayang nanya nu pundung,hayang terang kapalayna.Sada ketuk sada kendang,sada karinding di jami,Sada batuk sora akang,kuring ngantosan geus lami.Kunang-kunang dina bilik,digantelan saputangan,Ngudag-ngudag lain milik,tungtungna era sorangan.Damar kurung damar gantung,damar siang pamidangan,Mun teu tulus ka si jangkung,palangsiang kaedanan.Cau susu jantung hideung,matak peunggas palapahna,Lucu ku nu jangkung hideung,matak waas ku polahna.Es lilin ku amis tiis,diseuseupan ku barudak,Matak isin ku nu geulis,dikiceupan bet ngadilak.Awi bitung awi wulung,barala dapurna bae,Anu jangkung ulah pundung,dosa mah hampura bae.Pipiti di bungawari,tetenong dibobokoan,Lalaki jaman kiwari,hade omong pangoloan.Paribasa nganyam samak,neukteukan bari motongan,Paribasa neang anak,ngadeukeutan popotongan.Ti peuting samping geresik,ti beurang tumpal bandera,Ti peuting pagilinggisik,ti beurang papanggih era.Ku naon kanyere semplak,Mana semplak ku tiwuan,Ku naon awewe nyentak,Mana nyentak timburuan.Sugan teh kaliki nanjeur,boro dolog-dolog ngadek,Sugan teh lalaki bageur,boro dolog-dolog daek.Tarikolot bantarkaso,babakan rea hayamna,Beuki kolot beuki nyoso,beuki rea kahayangna.Itu gunung ieu gunung,Gunung pangupukan puyuh,Itu pundung ieu pundung,Pundungna teu puguh-puguh.Ka Cibogo ka Cisempur,meri diparaban kina,Kabogoh direbut batur,nyerina kabina-bina.Ngala supa diruasan,barera di sisi leuwi,Ulah waka luluasan,bisi era balik deui.Ngala pancar ka Cinangka,ngala awi jeung iwungna,Babakalan ka anakna,ari kawin ka indungna.Melak pandan di buruan,ngajajar reujeung malati,Ulah waka timburuan,da tacan jadi salaki.Kajeun teuing tunggul kisut,malela dijieun suling,Kajeun teuing goring patut,asal nu bela ka kuring.Ti Soreang ka Garunggang,meser bengsin dikalengan,Sanaos arang patepang,batin tetep sasarengan.Ngala suluh ka Cicurug,mapay-mapay Cimandiri,Ka mana abdi ngajugjug,milari panutan ati.Sanajan aya talina,moal cara jeung areuyna,Sanajan aya gantina,moal cara jeung anjeunna.Daek soteh ka Sayati,narah jalan ka Soreang,Daek soteh mun ka gusti,ka nu sanes mah teu hayang.Ari payung payung Jepang,keur Jepang di ka parakeun,Ari jauh hoyong tepang,geus tepang disapirakeun.Hayang iuh make payung,kumaha mukakeunana,Hayang wawuh jeung nu pundung,kumaha ngupahanana
Paribasa
Adam lali tapel, poho ka baraya.Adat kakurung ku iga, tabe’at mah hese dipiceunna (dirobahna).Adean ku kuda beureum, ginding ku barang beunang nginjeum.Titirah ngadon kanceuh, neangan kasenangan, tapi malah meunang kasusah.Ngadu-ngadu rajawisuna, ngahudang amarah dua jelema sina bengkah.Agul ku payung butut, tumerap ka jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula.Ulah ieu aing uyah kidul, asajadi pangpunjulna.Landung kandungan laer aisan, gede timbangan.Elmu ajug, tumerap ka jalma nubisa mapatahan kahadean ka batur, tapi manehna sorangan teu ngajalankeun papatahna.Ngajul bentang ku asiwung, hal anu pamohalan bisa kalaksanakeun.Tikoro andon peso, nyampeurkeun nu rek ngahukum atawa nu rek nangkep.Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed, ari umur geus kolot, kahayang cara nu ngora.Ngeunah angen ngeunah angeun, pamajikan satia, ngeunah pasakanana, cukup dahareun tur taya kasusah.Diangeun careuhkeun, diantep henteu didahar.Neukteuk mere anggeus, mutuskeun hubungan.Ngimpi ge diangir mandi, bararaid teuing.Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan, anu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh.Ngadu angklung, parebut omong, hayang paunggul-unggul.Elmu angklung, joledar, nukang nonggong ka kolot.Anjing ngagogogan kalong, mikahayang nu pamohalan.Kawas anjing tutung buntut, berebet ka ditu berebet ka dieu kawas nu samar rasa.Nulungan anjing kadempet, nu asih dipulang sengit.Anjing nyampeurkeun paneunggeul, nyampeurkeun nu rek mahala.Paanteur-anteur julang, nu tas nganteurkeun dianteurkeun deui ku nu dianteurkeun.Sapi anut ka banteng, awewe ngawula ka salaki.Ngaliarkeun taleus ateul, nyebarkeun kagorengan batur.Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam, berehan ka deungeun-deungeun, ari ka baraya kakad-keked.Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban, ditambang, ditalak henteu, dinapkahan henteu.Kawas badak Cihea, dilarapkeun ka jelema nu leumpang noyod kawas nu degig.Balung kulit kolot meuting, henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.Marebutkeun balung tanpa eusi, madukeun perkara nu teu aya hasilna.Banda tatalang raga, leuwih hade ngorbankeun banda, batan cilaka awak.Banda sasampiran, nyawa gagaduhan, boh banda boh nyawa Pangeran nu kagungan.Batok bulu eusi madu, goreng rupa atawa euweuh tagog, tapi pinter jeung bageur.Saherang-herangna cibeas, saberesih-beresihna hate nu dinyenyeri, moal beresih pisan.Bebek ngoyor di sagara, reknginum neangan cai, lubak-libuk tapi teu bisa make, da lain hakna.Meber-meber totopong heureut, ngajeujeuhkeun rejekisaeutik supaya mahi.Ngijing sila bengkok sembah, teu satia ka dunungan.Ngadagoan belut sisitan, oray jangjangan, moal kaalaman, mustahil kajadian.Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok, kajeun hirup ripuh, asal tetep teu pajauh jeung anak incu.Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang, ngan bisa marentah atawa nitah wungkul, henteu prak digawe ku sorangan.Nyanggakeun beuheung teukteukeun, suku gentengbelokeun, masrahkeun diri lantaran rumasa salah.Mindingan beungeut ku saweuy, api-api teu nenjo kasalahan bawahan atawa rayat lantaran teu mampuh ngayakeuntindakan saperluna.Ati mungkir beungeut nyanghareup, henteu terus jeung hate.Bilatung ninggang dage, dilarapkeun ka jalma teu jujur nukabeneran meunang kedudukan atawa kasempetan anu nguntungkeun pikeun manehna.Sabobot sapihanean, sabatasarimbagan, lulus runtut sakasuka sakaduka.Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan, nu keur susah dipupuas, atawa ditambahan kasusahanana.Legeg lebe, budi santri, ari lampah euwah-euwah, jalma jahat nu bisa nipu ku tindak-tanduk anu sopan.Nimu luang tina burang, meunang luang lantaran kungsi cilaka.Lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan, pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan, padahallain ahlina.Seuneu hurung cai caah ulah disorang, jelema nu keur napsu atawa amarah ulah diheureuyan.Gede cahak manan cohok, gede keneh kahayang manna panghasilan.Ka cai jadi saleuwi ka daratjadi salebak, layeut, runtut raut silih ayunkeun.Kawas cai dina daun taleus, euweuh tapakna (nasehat atawa papatah).Alak-alak cumampaka, niru-niru atawa mapadani saluhureun.Tunggul dirarud catang dirumpak, ngalajur napsu taya nu dihiding.Cecendet mande kiara, jalmaleutik hayang mapadani nu beunghar atawa nu gede pangaruhna.Ngadek sacekna, nilas saplasna, satarabasna, henteu direka.Maut nyere ka congona, asal beunghar (lubak-libuk), beukikolot beuki kokoro.Congo-congo ku amis, mun rek amis oge puhuna. Anak-anakna ku bageur, bapana oge henteu.Cukup belengur baraganaya, resep mere kabatur bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.Cul dogdog tinggal igel, ninggalkeun gawe baku, ngalampahkeun pagawean nu taya hasilna.Dogong-dogong tulak cau geus gede dituar batur, ngamumule lanjang pipamajikaneun, ari geus meujeuhna kawin kop ku batur.Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup, neangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir, mikahayang anu teu layak pikeun dirina.Nangkeup mawa eunyeuh, mawa susah atawa mawa cilaka ka nu dipentaan tulung.Batok bulu eusi madu, jalma nu teu boga rupa teu boga tagog, tapi sihoreng loba elmuna sarta alus budina.2
Langganan:
Postingan (Atom)