Rabu, 10 November 2010
Sisindiran Sunda
Kuring mah alim ka Bandung,sieun ka Sumedang hilir,Kuring mah alim dicandung,sieun ditinggalkeun kilir.Kuring mah alim ka Bandung,hayang ka Soreang bae,Kuring mah alim dicandung,hayang ku sorangan bae.Baju hideung kancing tangan,dikaput ku merang awi,Nu hideung matak teu nangan,sing emut ka diri abdi.Baju tablo dibulao,kembangna katuncar mawur,Ari bogoh ti bareto,terang-terang geus ka batur.Batur mah dibaju hideung,kuring mah kabaya bae,Batur mah dipikatineung,kuring mah sangsara bae.Kasur jangkung bantal panjang,nya bogo di ka caikeun,Anu jangkung kuring melang,nya bogoh urang jadikeun.Daun nona daun saga,katuruban ku jarami,Teu ayeuna sugan jaga,kasorang ku diri kami.Kukulu di buah manggu,pisitan buah ramanten,kuru lain ku teu nyatu,Mikiran nu hideung santen.Suwangkung ulah dihumbut,pikeun tihang papajangan,Nu jangkung ulah sok imut,bisi kuring kaedanan.Cukangkang diguling munding,kincir ngait kana wijen,Duh akang kumaha kuring,pikir ngait ka nu sejen.Puyuh ngungkung dina kurung,titiran dina irateun,Isuk nguyung sore nguyung,mikiran piduriateun.Badoang manuk badoang,hiberna kana wahangan,Dagoan kuring dagoan,sapanjang aya halangan.Lamun hayam dina korang,meureun hese usik malik,Lamun heg henteu kasorang,meureun paeh ge buncelik.Bangbara dina bangbarung,kulit munding kahujanan,Sangsara kuring dicandung,gulang-guling ngan sorangan.Haruman gunung haruman,boboko di ka parakeun,Kaluman kuring kaluman,kabogoh geus nyapirakeun.Kaduhung kuring ka Lembang,ka lembang ka Cibiana,Kaduhung kuring kagembang,kagembang kieu rasana.Ban karet geuning ban karet,ditumpakan nyonya cina,Kapelet kuring kapelet,kapelet kieu rasana.Majar maneh rek ka huma,ka cai ngajingjing kendi,Majar maneh rek karunya,kari-kari nganyenyeri.Bongan bangkong bongan bangkong,ka cai teu dimandikeun,Bongan bohong bongan bohong,pasini teu dijadikeun.Ngala suluh ka Cililin,acan kakejo parena,Ulah rusuh ngajak kawin,acan katenjo hadena.Ngala pangpung meunang ruyung,ngala regang kai laban,Gering nangtung ngalanglayung,lantaran ti kaleleban.Ngala suluh ka Cicurug,ngala regang ka Ci heulang,Najan jauh kuring jugjug,najan anggang kuring teang.Cai mulang cai malik,cai ngocor ka astana,Bingung mulang bingung balik,kabongroy kieu rasana.Ngocok bogo ka sagara,ngala penyu ka basisir,Nya bogoh ulah katara,neundeun semu dina pikir.Beunteur beureum bodas beuteung,paray naek ka tampian,Anu heubeul geura piceun,kuring daek ngagantian.Sok hayang nyaba ka Bandung,ka Soreang Majalaya,Sok hayang nanya nu pundung,hayang terang kapalayna.Sada ketuk sada kendang,sada karinding di jami,Sada batuk sora akang,kuring ngantosan geus lami.Kunang-kunang dina bilik,digantelan saputangan,Ngudag-ngudag lain milik,tungtungna era sorangan.Damar kurung damar gantung,damar siang pamidangan,Mun teu tulus ka si jangkung,palangsiang kaedanan.Cau susu jantung hideung,matak peunggas palapahna,Lucu ku nu jangkung hideung,matak waas ku polahna.Es lilin ku amis tiis,diseuseupan ku barudak,Matak isin ku nu geulis,dikiceupan bet ngadilak.Awi bitung awi wulung,barala dapurna bae,Anu jangkung ulah pundung,dosa mah hampura bae.Pipiti di bungawari,tetenong dibobokoan,Lalaki jaman kiwari,hade omong pangoloan.Paribasa nganyam samak,neukteukan bari motongan,Paribasa neang anak,ngadeukeutan popotongan.Ti peuting samping geresik,ti beurang tumpal bandera,Ti peuting pagilinggisik,ti beurang papanggih era.Ku naon kanyere semplak,Mana semplak ku tiwuan,Ku naon awewe nyentak,Mana nyentak timburuan.Sugan teh kaliki nanjeur,boro dolog-dolog ngadek,Sugan teh lalaki bageur,boro dolog-dolog daek.Tarikolot bantarkaso,babakan rea hayamna,Beuki kolot beuki nyoso,beuki rea kahayangna.Itu gunung ieu gunung,Gunung pangupukan puyuh,Itu pundung ieu pundung,Pundungna teu puguh-puguh.Ka Cibogo ka Cisempur,meri diparaban kina,Kabogoh direbut batur,nyerina kabina-bina.Ngala supa diruasan,barera di sisi leuwi,Ulah waka luluasan,bisi era balik deui.Ngala pancar ka Cinangka,ngala awi jeung iwungna,Babakalan ka anakna,ari kawin ka indungna.Melak pandan di buruan,ngajajar reujeung malati,Ulah waka timburuan,da tacan jadi salaki.Kajeun teuing tunggul kisut,malela dijieun suling,Kajeun teuing goring patut,asal nu bela ka kuring.Ti Soreang ka Garunggang,meser bengsin dikalengan,Sanaos arang patepang,batin tetep sasarengan.Ngala suluh ka Cicurug,mapay-mapay Cimandiri,Ka mana abdi ngajugjug,milari panutan ati.Sanajan aya talina,moal cara jeung areuyna,Sanajan aya gantina,moal cara jeung anjeunna.Daek soteh ka Sayati,narah jalan ka Soreang,Daek soteh mun ka gusti,ka nu sanes mah teu hayang.Ari payung payung Jepang,keur Jepang di ka parakeun,Ari jauh hoyong tepang,geus tepang disapirakeun.Hayang iuh make payung,kumaha mukakeunana,Hayang wawuh jeung nu pundung,kumaha ngupahanana
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar